Thursday, June 03, 2004

Ulin Langlayangan

kuambil buluh sebatang
kupotong sama panjang
kuraut dan kutimbang dengan benang
kujadikan layang-layang


bermain berlari
bermain layang-layang
berlari kubawa ke tanah lapang
hatiku riang dan senang


Ulin Langlayangan

Ngozi tea
Basa keur leutik, pasti budak jaman bareto mah teu kaur ari nempo angin badag. Komo lamun wayahna beurang kasorenakeun mah. Brol weh nyokot kenur jeung gelasan bari tingkarencing picis dina jero calana sakola atawa calana pondok. geus kitu teh brul ting ngarumpul di hareupeun jongko tukang langlayangan. lain rek daremo, tapi meuli langlayangan anu bareto jaman 1981 mah ngan saukur lima perak. Biasana, barudak pada arembung eleh lamun milihan langlayangan teh, boh nu cap jarum, cap gigir, cap sabelas, jsb. Beres meuli langlayangan, bari tingcakakak eta barudak teh ngabring ka hiji tegalan atawa lapang anu gede. Lamun nu boga imah gigir sawah mah biasana sok ting ngarumpul dina bedengan.


Barudak teh biasana neangan cekat atanapi nyere leutik jang ngajalur, maksudna nyien tali timba atawa tali kamah ceuk batawi mah. eta si langlayangan teh dijengkalan ti tengah kahandap, ti tengah ka gigir, ngarah manceg ceunah mah. tuluy we diliangan ku nyere eta tapak jengkalan teh, brus we di benangan bari teu poho dijengkalan deui. beres ditimbaan, si langlayangan teh dikubat-kabet jang nempo beurat sabeulah atawa henteu. Teu saeutik oge budak anu ting ngabaratek langlayangana, supaya engke teu manteng teuing cenah. aya oge nu awi tukangna disuwir supaya merepet.


Mumpung gede angin terus we eta langlayangan teh diapungkeun. lamun anginna keur leutik mah biasana kudu dipangapungkeun batur. geus pada naraek mah langlayangan nu sorangan-sorangan, terus we pada ngaradu. Aya oge nu boga kabiasaan sok ngarah, komo lamun boga gelasan alus mah sok rada agul. Lamun geus ngararadu siga nu keur maen tinju. lengeuna saeutik-saeutik ngagulungan jeung ngasoran. Nu can ahli mah benangna sok jadi pajeulit sabab bari katincakan ku sorangan.


nyieun langlayangan

Ngozi tea
Lamun prakna teh eleh, keuheul campur kesel teh pacampur dina gorowokan polosna barudak. "Ah da bongan teu diasoran (digandaran) maenna," ceuk si budak teh bari samutut. Anu resep mah pasti anu geus nungguan aya nu eleh bari mamawa gantar. Eta barudak teh tuluy we lulumpatan moro langlayangan nu ting koleang ngawang-ngawang jomantara. Lucuna mah biasana bari lumpat teh sok tara nempo tincakeuneun. panon teh tuluy we nempo ka luhur awang-awang, atuh puguh jadi sagala didupak. Aya nu nincak tai embe, ngadupak tangkal sampeu, tikecebrek ka walungan, jsb.


kakapeungan mah si langlayangan pegat teh lain kalah beunang. kusabab nu morona loba, bari jeung parada ngarasor gantar bari ting karepluk puguh we jadi beunang kana kertasna, soek weh. Ngan nu pasti leuwih mending kitu tibatan nyangsang kana tangkal atawa tihang listrik mah.


Lamun balik ka imah baju pasti geus bobolokot ku taneuh. Nu pasti mah si ema teh tuluy we ngajijiwir ceuli si budak. "Na mani kamalinaaaan ulin teh..!!," ceuk si ema bari tuluy we si budak teh dimandian.(OZI, Gara-gara si yana jeung si Zaki ngobrolkeun langlayangan seh, Rebo 2-6)

1 comment:

Anonymous said...

ho..hooo itu mengingatkan daku..pada kenangan masa lalu.. si gelo ozi teh.

Azrud